PEUYEUM
Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“
Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah kintal kitu peryogina ?”
Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”.
Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !”
MEREK ROKO
Dina jaman pendudukan Nice, aya pambagian roko sigaret merek HW ( High
Way). Kusabab rada bau disebut we rokok HW-teh nayaeta Hitut Walada.
JAJAMU
Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?”
Asnawi :” Tilu dinten, dok”.
Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?”
Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“.
Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“
NEANGAN MUATAN
Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha kuringteh dibawa katask?“.
Kenek :“Sabar, Cep.....bade milarian heula muatan!“
Kuring :“Sugan geeeelo !“
NINI UTI
Kusabab hanyang ngora, teu talangke dei Nini Uti meuli jajamu awet muda
saratus bungkus. Kulantaran hayang gancang karasa hasilna, jajamu
nusaratus bungkus the diinum disakalikeun. Na da etamah Nini Uti
ngadadak jadi orok. Sabab ngora teuing da nginum jajamu awet mudana teu
make aturan. Ayena Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku Aki
Abdul.
TALEUS
Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuktuy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah……..memeh didahar, garoan heula taleusna!”.





0 komentar:
Posting Komentar